Published: 24 May 2018 › Updated: 24 May 2018
Sikabayan #5
Iyeu mah kheuseus jang maraneh nu ngarti weh, teu ngarti mah bae, kusabab keur jalangar mastaka lah inghrisan wae, jadi ieu mah rek ngamumule basa sapoepoe weh aing mah, maraneh ngarti wae heug, teu wae kajeun, tah mun ngarti, maraneh kudu bulatuk komentar kubasa suna oge, teu ngarti mah ngajedog weh
Si Kabayan teu puasa
Dina hiji poe, pabeubeurang wanci rek solat lohor dina bulan puasa Si Kabayan dibere surutu sagede jempol ku babaturanana meunang mawa di kota, Kabayan tah jang engke lamun buka puasa, Nuhun euy, Sanggeus babaturanana indit, Si Kabayan ngalung-ngalung surutu anu sagede jempol jeung seungit tea. Jorojoy nafsuna hayang ngudud eta surutu harita keneh. Tapi sieun kanyahoan ku batur. Tuluy manehna indit ka saung tengah sawah. Keur jongjon ngelepus udud surutu, torojol mitohana gegeroan : KABAYAN ... KABAYAN !!!! Naaa ari gebeg teh Si Kabayan reuwaseun bari rampang-reumpeung, teu talangke deui buru-buru surutu nu keur hurung teh diselapkeun dina kopeahna anu keur dipake. Tibatan dipiceun ka sawah lebar. Mitohana reuwaseun, ningali haseup anu kaluar dina sirah minantuna. Kabayan naon eta anu hurung dina kopeah maneh, Si Kabayan tambah gugup jeung era, tapi buru-buru nembalan, Eheh, Eheh, ieu Bah, surutu, urut saur tadi subuh. Poho teu dipareuman. Cing kami ngasaan ngeunah teu surutu teh ? ceuk mitohana saruana.
source pic https://steem.ly/tz
Leave Sikabayan #5 to:
Read more #pajajaran posts
Best Posts From olgiz247
We have not curated any of olgiz247's posts yet. But you can encourage our curation team to review posts by visiting them regularly and by referring other readers. Because we give priority to frequently read content.
More Posts From olgiz247
- Spend tonight ... cheers!
- Sepertinya Kita butuh piknik 😁
- Segelas Kopi Hitam di Sore Hari
- Dinner at the Braga Red District Bar and Lounge Bandung
- Review of Rocka Caffe
- Hot Weather without a Shadow
- 67's Bar and Restaurant My Best Place to Hang Out on Weekends
- Review of Baso dan Mie ayam Bintang Mas
- 67's Club Spend the Night
- Review of Warung Nasi Sri Rahayu