Ratna Ayu Budhiarti avatar

CINTA SUSUGANAN

ratnaayub

Published: 31 Oct 2020 › Updated: 31 Oct 2020CINTA SUSUGANAN

CINTA SUSUGANAN

Sajak malem mingguan.

CINTA SUSUGANAN

Cinta mah teu kaci susuganan, Jungjunan.
Babaledogan tina heureuy bari miharep rasa bakal mangkak karembangan dina haté manéhna
Cukup dijawab “mung heureuy” mun katohyan atanapi ditolak
Tapi rikat unggal aya nu imut “hayu badé iraha?”
Majar kabita basa manéhna nembong-nembong hasil pasakan nu ngajak implengan jalan-jalan, rék nyadiakeun modal jang nyieun rumah makan

Méh-méhan poho kana ucap sorangan,
cenah capé mapay-mapay sikluk jeung lamping
Hayang reureuh da umur nuju ka wanci kolot

Tapi geuning haté mah resep kénéh ucing sumput, nya?
Siga négérkeun kenur dina liang belut:
Susuganan!

#RAB, 2020
#sajakSundaRAB #katakataRAB #puisiRAB

Uploading image #1...

NB: foto mung ilustrasi, mamanawian aya nu sono émut ka mantan atanapi gébétan, cekap selewegkeun baé ieu soto mi téh. 🤪

Leave CINTA SUSUGANAN to:

Written by

| Poet | Writer |

Read more #hive-193562 posts


Best Posts From Ratna Ayu Budhiarti

We have not curated any of ratnaayub's posts yet. But you can encourage our curation team to review posts by visiting them regularly and by referring other readers. Because we give priority to frequently read content.

More Posts From Ratna Ayu Budhiarti